‘’KABAYAN JANTEN
BOYBAND’’
Lima taun baheula Kabayan
jeung Iteung meunang pagawean anu resikona kedah misahkeun manehna
duaan.Sateuacan eta,manehna dua’an ngikrarkeun janji satia.
Geus lima taun teh
Kabayan balik ka kampung tapina iteung mah henteu,kunaonnya?Kieu caritana
Kabayan :”Nyokap…!Nyokap…! Kabayan uih!yeuh mawa TV
khusus keur Nyokap.”(Gogorowokan
bari lulumpatan)
Ambu
:”Naon ari maneh,Ambu disebat make-up,asal maneh nyahonya Kabayan,kieu-kieu teh
Ambu pas keur ngora tara make up-make upan da geus geulis Ambu mah,malah
panggeulisna sakampung.”
Kabayan :’Huuuu,si Ambu
mah da mahiwal wae lain make-up ambu,nyokap,hartina teh ema,meuni kitu ge teu
apal.”
Ambu
:”Ah maneh mah Kabayan,di kampung siga kieu mah,mana nyaho basa anu
kararitu,geuslah maneh istirahat heula,buru hurungkeun TVna,ambu bade nongton
Darso.”
Kabayan :”Heu si Ambu
mah ari Kabayan mawa anu dipikareseup Ambu,ngabageuran Kabayan.Geus ah Kabayan
bade ka Nyi Iteung heula.”
Ambu
:”Nyi Iteung?Yeuh Nyi Iteung mah can balik ti Jakarta.”
Kabayan :”Ma’enya
Ambu,Nyi Iteung can balik?”
Ambu
:”Bener,Ambu mah tara ngabohong,jig weh sampeurkeun ka imahna aya teu.”
Kabayan :”Ah nya tos
weh,Kabayan rek istirahat heula.”(Asup ka kamar sabari cirambai cai panon)
Peutingna sobat Kabayan
nyaeta Cenang jeung Nanang datang ka imah siKabayan,nu alesana hayang tepang
jeung si Kabayan padahal mah ku sabab si Kabayan boga TV anyar,janteun manehna
tiasa nonton TV gratis di imah si Kabayan.
Cenang
:”Kabayan..!Kabayan..!.”
Nanang
:”Kabayan…..!”
Ambu
:”Sabar-sabar.”(Sabari mukakeun panto)
Nanang :”Kabayana
aya?”
Ambu
:”Aya sok weh lebet.”
Cenang Nanang:”asik.”(Sabari asup ka imah Kabayan)
Cenang :”Hey
Kabayan,gaya lah ayeuna mah geus jadi juragan,boga TV gede,hayu urang nonton
TV.”
Kabayan :”Ah,urang oge
nyaho niat maneh ka dieu,rek milu nonton TV.”
Nanang
:”Ahhhh.Kabayan mah terang wae niat abdi,hihihi..”
Kabayan :”Geuslah
maraneh naronton ditu,urang mah lieur.”
Cenang
:”Eh…eh Kabayan,naha eta teh asa siga….,Iteungnya ?’’(Sabari nunjuk-nunjuk
ka TV)
Nanang :”Mana ? oh
enya eta mah si Iteung ,tapi naha beda pisan,beuki geulis geuningan.”
Kabayan :”Mana? mana? Oh
beneur geuningan eta Nyi Iteung,naha ngarana janten Syahlacin?”
Nanang :”Ah..maneh
mah Kabayan,yeuh nya lamun geus jadi artis mah atuh ngarana kudu alus,maenya
sok Iteung?Ganti ku anu leuwih keren.”
Cenang
:”Bener tah Kabayan,Iteung tos ganti ngarana mereun.”
Kabayan :”Oh…he’euh nya
bener.Kumaha atuhnya carana supaya urang tiasa nyusul Nyi Iteung?”(Sabari
nyepengan tarang)
Kabayan keur bingung mikiran kumaha
carana supaya manehna bias nyusul si Iteung ka Jakarta.Pas tiluannana keur
malikir,aya hiji iklan di TV nu sakirana tiasa nulungan maranehna.Iklan naon
eta,hayu urang tinggal.
Reporter Risis:”Abdi,reporter Risis,nyaeta reporter Ripuh
jeung Eksis.Aranjeun
hoyong jadi artis? Hoyong terkenal di saluruh jagat raya? Hayu urang ngiringan
audisi Boyband di Jakarta,di jamin araranjeun pasti terkenal.Hayu enggal-enggal
ngiringan.” (Sabari manehna kaluar tina layar TV sareng ngabagikeun formulir
ka Kabayan)
Kabayan :”Wah,kabeneran
pisan aya audisi jadi Boyband.Cenang! Nanang! Hayu urang ka Jakarta ambeh tiasa
patepang jeung si Nyi Iteung,satuju?”
Nanang
:”Asyik,jadi artis.”
Cenang :”Heu
maneh mah (Sabari ngagetok tarang si Nanang).Demi nulungan sobat, kuring
satuju.”
Isukana Kabayan,
Cenang, sareng Nanang teh pamit ka Jakarta .Tos nepi di Jakarta tiluana teh
langsung ngadatangan tempat audisi Boyband.Ambu anu teu sabar bade ningali
anakna tampil di TV diuk di harepeu TV.
Ambu
:”Aduh,aduh mana si Kabayan teh,ceunah rek audisi naha teu aya-aya? Tah,gening
aya oge si Kabayan teh ,Ambu bade ningali ah.” (Sabari ningali TV)
Komentator
:”Sok,perkenalkeun heula saha aranjeun.”
Kabayan
:”Perkenalkeun wasta abdi David.”
Nanang
:”Wasta abdi Kevin.”
Cenang
:(Nyepeng tarang sabari bingung mikirkeun ngaran)”Nami abdi Cecep.”
Kabayan
:”Aduh,maneh mah nya,ngaran urang jeung si Nanang teh geus alus-alus,David
jeung Kevin,eh ari maneh cecep.Pamaeh dasar…”(Sabari ngajitak tarang si Cenang)
Cenang
:”Enya atuh kuring teh lieur,anu aya di otak kuring teh ngan ngaran cecep
hungkul.”
Nanang
:”Geus welah teu nanaon, nu penting mah urang tiasa ngiluan audisi.”
Cenang
:”Tah,beneur ceuk si Nanang teh.”
Komentator :”Oke,sok
atuh tampilkeun penampilan aranjeun.”
Pas Kabayan ,Cenang ,jeung
Nanang rek nampilkeun bakatna sora Kabaya Ujug-ujug serek. Ambu teh langsung
mere jahe ka si Kabayan,si Komentator bingungeun, anjeun sadaya ge pasti
bingung, hayu urang tinggal adegana.
Kabayan
:”Uhuk-Uhuk-Uhuk.”
Ambu
:”Jahe jang, jahe,jahe.”
Kabayan
:”Naon Ambu ?”(Sabari kaluar ti layar TV)
Ambu
:”Ieu jahe,jahe sok atuh emam heula jahena.”(Sabari mere jahe ka Kabayan)
Kabayan
:”Enya-Enya abdi emam jahena,nuhunnya Ambu nuhun.”(sabari asup deui ka layar
TV)
Ambu
:”Enya sami-sami.”
Cenang
:”Kabayan,buru atuh dahar jahena engke bisi komentatorna ngamuk.”
Komentator :”Hehh!!! (Sabari
nenggeul meja)
Nanang
:”Tuh pan bener ceuk si Cenang.”(Sabari ngaharewos ka ceuli si Kabayan)
Komentator :”Buru,arek
nampilkeun moal,hararese kitu oge.”
Hotts
:”Nuhun bu!!!”(Sabari ngabentuk formasi)
Sanggeus audisina
rengse,komentator nangtukeun saha pamenangna.Teu di sangka-sangka Kabayan,
Cenang,jeung Nanang teh jantenanu meunang janten Boyband terkenal,anu ngarana
Boyband Hotts.Kabayan Akhirna patepang jeung Syahlacin dina hiji acara.
Reporter
:”Kunaon nami anjeun Syahlacin?”
Iteung
:”Kusabab saya alay cin..”
Reporter
:”Kumaha tanggepan anjeun ka Boyband Hotts anu pendatang anyar tapina tiasa
naek daun?”
Iteung
;”OMG menurut abdi mah nya.abdi tiada tandinganana.”
Reporter
:”Anjeun yakin?”
Iteung
:”Insya allahnya abdi mah yakin sesuatu pisan.”
Reporter:”Anjeun serius?”
iteung:”Cius deh teu bohong”
Reporter:”Baruk enya,kenapa anjeun lamun nyarita naon enya,? lamun teu salah Cetar Membahana.”
iteung:”Alatan kuring éta sesuatu cetar membahana terpampang nyatah,ieu teh kahirupan abdi kudu béda kitu loh”
Reporter:”Anjeun sesuatu pisan enya?”
iteung:”Cius deh teu bohong”
Reporter:”Baruk enya,kenapa anjeun lamun nyarita naon enya,? lamun teu salah Cetar Membahana.”
iteung:”Alatan kuring éta sesuatu cetar membahana terpampang nyatah,ieu teh kahirupan abdi kudu béda kitu loh”
Reporter:”Anjeun sesuatu pisan enya?”
Ujug-ujug Kabayan jeung sobatna
datang tuluy nanya ka Syahlacin.
Kabayan
:”Iteung…Iteung anjeun teh Nyi Iteung pan?”
Iteung
:”Aduh anjeun sahanya abdi mah Syahlacin.”
Nanang
:”Astaghfirulohnya.!’’
Iteung
:”Eh eta mah cirri kahas kuring,tong di turutan.”
Nanang
:”Keun welah.”
Kabayan
:”Iteung…bener ieu mah iteung,ah kang Kabayan mah pasti apal Iteung rek
ngagentos ngaran naon ge !”
Iteung
:”Tong sok kenal atuh ieh meuni kampungan pisan!”
Cenang
:”Ari maneh Iteung sombonglah ayeuna mah geus jadi artis teh,nepika kabogoh ge
poho.”
Iteung
:”Hey,kamu tong loba omong,Syahlacin teh artis anu kasohor,maenya boga kabogoh
siga saha eta Kabayan,geuslah urang rek indit heula ka acara lain heula.”(Sabari
malingkeun sirah)
Pas dina acara eta Iteung teh
papanggih jeung si Ayanti, teras manehna duaan teh pa’adu omongeun,ku sabab
Iteung datangna telat.
Ayanti
:”Ehem,ehem aya anu kabeurangan yeuh.”(Sabari ngadelekan Syahlacin)
Iteung
:”Enya urang telat kunaon kitu?”
Ayanti
:”Uhh..ceunah artis terkenal,eh geningan datangna kabeurangan,cangor maneh
mah.”
Iteung
:”Heh,dangukeunnya urang teh telat lain pamalesan,tapi kusabab ti acara anu
lain heula,you now?”
Ayant
:”Enya,enya,enya.Up to you lah!”(Sabari ninggalkeun iteung)
Iteung
:”Huuuuh,dasar jalma gelo.!”
Isukannana, Hotts teh keur latihan
sareng koreograferna,tapi Kabayan teu bener latihanana kusabab mikiran si
Iteung wae, jabaning koreografer na teh super galak.
Koreografer :”Hiji,dua,tilu
mulai.”
Hotts
:(Latihan nari-nari,tapina si Kabayan henteu bener)
Koreografer :”David,ari maneh
kunaon meuni teu bener wae titadi.” (Sabari neggeul suku si Kabayan make
mistar)
Kabayan
:”Hampura bu korek.”
Cenang
:”Koreografer lain korek.”
Nanang
:”Tumben maneh pinter.”
Koreografer :”Ah,geuslah, sok
mulai deui latihanana, buruu !”(Sabari ngangkat mistar)
Hotts
:”Enya bu..(Sabari mulai deui latihana)
Koreografer:”David! ti tadi gerakanya teu bener! beunghar kieu” (bari nyontoan)
David:”Anu bu korek,eh salah bu koreo bet gerakanya beunghar kitu enya?”
Koreografer:”Naon? memang beunghar kumaha? “
David:”Beunghar?”
Cenang:”Belatung Nangka Bu!”
Nanang:”Beleguk sia,bukan beunghar cacing kepanasan bu!”
David:”Salah kabéh,yang bener beunghar kecoa bunting bu!”
Koreografer:”Maranéh daék ieu? “(bari menunjukan rotanya)
Hotts:”Henteu bu!”
Koreografer:”Ulah Loba omong gancang Latihan!!”
David:”Anu bu korek,eh salah bu koreo bet gerakanya beunghar kitu enya?”
Koreografer:”Naon? memang beunghar kumaha? “
David:”Beunghar?”
Cenang:”Belatung Nangka Bu!”
Nanang:”Beleguk sia,bukan beunghar cacing kepanasan bu!”
David:”Salah kabéh,yang bener beunghar kecoa bunting bu!”
Koreografer:”Maranéh daék ieu? “(bari menunjukan rotanya)
Hotts:”Henteu bu!”
Koreografer:”Ulah Loba omong gancang Latihan!!”
Pas tos rengse latihana,Kabayan
patepang jeung si Ayanti.
Ayanti
:”Eh David ti mana ?”
Kabayan
:”Ti tempat latihan.”
Cenang
:”Adeuuyy,meuni David wae anu di tanya ari urang jeung si Nanang teu di tanya.”
Ayanti
:”Nya enya atuh sanajan nanyana ka David hungkul teu nanaon atuh da sarua.”
Nanang
:”Ayanti,teu bareng jeung si Anangka ?”
Ayanti
:”Teu ah da tos putus jeung si eta mah,ayeuna mah kuring jomblo.”
Cenang
:”Asiiiiiik,aya kasempatan keur kuring atuh…!,henteu heureuy ketang.”(Sabari
seserian)
Kabayan
:”Eh…geus atuh ah, hayu urang balik, cape yeuh”
Nanang
:”Tah..he’euh bener, hayu atuh.”
Kabayan
:”Ti payun nya neng Ayanti.”
Ayanti
:”Enya.”(Sabari seuri isin)
Ti saprak Ayanti panggih jeung si
Kabayan , Ayanti teh langsung bogoh ka si kabayan.Teras Ayanti the ngadeukeutan
wae si Kabayan, Syahlacin teh cemburu.Kumaha lanjutan caritana urang tinggal
adegan ieunya.
Reporter
:”Ayanti,david.”(Sabari ngungudag Ayanti)
Ayanti
:”Punteunnya aya urusa naon?”
Reporter
:”Abdi si Reporter Risis Ripuh jeung Eksis,ngomong-ngomong Ceunah Ayanti jeung
David the nuju caketnanya?”
Ayanti
:”Hmmm.”
Kabayan
:”Henteu abdi jeung Ayanti mah rencang cakeut hungkul .”
Ujug-ujug Syahlacin datang.
Iteung
:”Bener,Ayanti jeung David teh ngan rerencangan hungkul.!”
Ayanti
:”Naon Syahlacin pipilueun wae ? Nya salah maneh oge teu narima david ti
baheula.”
Kabayan
:”Geus-geus tong ribut, Ayanti ku abdi anteurkeun uih urang nunggu di
mobilnya.”
Saentos si Kabayan angkat
Ayanti megat Iteung teras ngabisikeun hiji hal.
Ayanti
:”Heh syahlacin kadieu.”(Sabari narik leungeun si Iteung)
Iteung
:”Ihh tong narik-narik leungeun syahlacin atuh. Oh My God aya naon sih? Meuni
siga aya sesuatunya.”
Ayanti
:”Hehehe,ayeuna David mah aya di leungeun kuring.”(Sabari seuri sinis)
Iteung
:”Mana si David ? eweuh di lengeun didinya..”
Ayanti
:”Heu maneh mah ongkoh artis terkenal,tapi anu kitu ge teu ngarti eta teh
paribahasa, maksadna teh si David keur dekeut ka urang, teu bogoh deui ka
maneh.”
Iteung
:”Heh tong sok nya janten jalma teh, rek kumaha oge David mah tetep bogoh ka
Syahlacin salami-lamina, tos nya abdi pan artis terkenal, jool sibuk kudu indit
deui ka acara salanjutna.
Sanggeus kajadian eta teh Kabayan
langsung nelepon Syahlacin dina telepon teh Kabayan ngomel-ngomel ka Syahlacin.
Iteung
:”Halo..aya naon Kabayan ?Tumben nelpon ka urang?”
Kabayan
:”Ai maneh teh kunaon? Ngomel-ngomel ka Ayanti? Cemburunya?” (Raray kapedean)
Iteung
:”astagfirulohnya meuni ge’er pisan maneh the,keur naon urang cemburu ka ayanti
pan urang jeung ayanti geulisan urang.”(Raray narsis)
Kabayan
:”Ikh,meni so pisan.”(Sabari nutup telepon)
Sanggeus Kabayan nutup telepon
Syahlacin teh nyadar lamun manehna teh masih bogoh ka Kabayan.Teras isukana
Syahlacin boga inisiatif nyemperkeun Kabayan sabari rek menta maaf.
Syahlacin
:”Punteun Kabayan…”(Suara anu lembut)
Kabayan
:”Aya naon?”(Raray sarius)
Iteung
:”Urang rek menta maaf nya ka maneh,enya urang jujur yeuh,urang sabenerna bogoh
keneh ka maneh.”
Kabayan
:”Hmmm,bener eta teh,ahh maneh mah ngabohong.”
Iteung
:”Bener,da urang teh sabenerna Iteung punteun urang teu ngaku,kusabab Iteung
isin ka infotaiment,punteun nya Kabayan.”
Kabayan
:”Tah ieu kakara iteung anu kang Kabayan kenal.Teras rencana Iteung bade naon
ka dieu?”
Iteung
:”Iteung mutuskeun rek ngiring kang Kabayan ka Kampung.”
Di tukangeun manehna aya
Ayanti anu ngadangukeun manehna dua’an ngawengkong.Ayanti ngarasa sedih teras
mutuskeun angkat ka luar kota.
Ayanti
:”Aww.”(Sabari nabrak Cenang)
Nanang :”Ari maneh
nakunaon nabrak kuring,tuh pan buuk kuring acak-acakan.”
Ayanti
:”Ah,awas maneh banci.”(Sabari ninggalkeun Cenang jeung Nanang)
Cenang
:”Ihh,meuni kaktus pisan.”
Nanang :”Salah ari
maneh lain kaktus,ketus kuya..!”
Cenang :”Oh
enya-enya.”
Isukna,Iteung ngiring mulang ka
desa teu puguh jeung si kabayan,Kabayan,Iteung jeung sobat-sobatna mutuskeun
ninggalkeun dunia hiburan.Akhirna mah kahirupan di desa balik deui siga
baheula.
ITEUNG SARENG KABAYAN TEH HIRUP BAHAGIA
“TAMAT’’
Tidak ada komentar:
Posting Komentar